Monday, August 31, 2015

Dongeng Poker Part 1

Dongeng jaman baheula ngenaan poker
Sateuacana simpkuring neda widi,bisi caritra ieu te mernah ulah janten ngait kana pikir,janten rengat kana manah.Tungul sirungan tangkal akaran muga bambas ku hampra.
Amitan oge kanu tos mangkat,nu tos rumentang di alam panjang,poe padang nagara tunjung sampurna.
Dongeng Poker Part 1
Paralun mun mapadane,ngusik ngusik nu keur calik,ngobah-ngobah nu keur tapa.bisi aya nu kasebit nami ,bisi aya nu kasebat jenengan.Kasebit nami keur alit,kasebat jenengan keur budak.Neda agung nya paralun muga jembar hampurana.Lain diri kumawani tewani bisi kabagi,lain diri kumawantun tewantun bisi kasiku palias teu niat nyacampak.
Amit amit neda widi;kanu ti kaler kanu ti kidul anu ti kulon oge ti wetan,kanu ti luhur kanu ti hanap,kanu titengah kaopat jadi papancer .
Amit amit ka indung anu ngandung ka bapa anu ngayuga,amitan kula seja amitan.
Amit amit muga di raksa oge di aping di jaring,anu sirik anu dengki anu jail kaniyaya..pangnyingkahkeun,,pangusirkeun.
amit amit lain wungkul kanu ta aya oge amit kanu masih keneh araya ....
Ayeuna urang nyaritakeun,,,,,,
Dihiji lembur nu katelah lembur Dugul bawahan desa Cicenah,katotog bojong pasengsol.Rakyat sadesa caritana keur ear,pangeusi lembur keur guyur.Di ditu di dieu gujrud macuh pageubug poker.
Rame..rame ku poker .riweuh ku poker,,masalah bijil ti kota bijil ti yahudi sumberna, nepi ka kampung,loba jalma anu popohoan,loba jalma nu ngadadak teu puguh..poker poker poker,
Karyawan cul kana pagawean,supir angkot cul poho kana tarikeun jeung kana setoran,anu dagang pake roda,cul kana dagangana.nu di gawe jadi kaleked kabaut ribut ku poker.
oyag kabeh kolot budak,cacah jeung menak ..kabeh malikiran supaya meungang poker kumaha ?
Kitu nu usum di leumbur,kaayaan di padesaan.Tapi lain jaman ayeuna,ieu mah jaman baheula...
Ari nu matak gujrud kana poker da bongan aya sababna,cenah mah wangsit ti dewa...sing saha saha nu maen poker bakal gancang beungharna da neangan jeng ngala duitna gampang,bakal jadi benghar ngadadak,beungharna garis sawidak.,,cenah ieu mah mun boga duit saperak bakal jadi MM perak,,kitu saterusna,asal keuna kana elmuna anu sok di iklankeun ku mbah dewa nyaeta gampang pisan ngagandakeun duit ku referal cenah..nepi kadituna jalam loba ngalamun.
ari ngaran ngalamun mah kumaha atuh mang dadi.

Artikel Terkait


EmoticonEmoticon