Showing posts with label Urang Sunda. Show all posts
Showing posts with label Urang Sunda. Show all posts

Tuesday, August 14, 2018

PSKC Cimahi vs Persib Bandung Piala Indonesia 2018

PSKC Cimahi vs Persib Bandung Piala Indonesia 2018 - Dijadwalkan, pertandingan PSKC Cimahi vs Persib Bandung dalam babak 128 besar Piala Indonesia 2018 akan berlangsung hari Rabu (15/8/2018).
PSKC Cimahi vs Persib Bandung disiarkan langsung Jawapos TV dan live streaming PSSI TV. Menjalani laga pertama di pentas Piala Indonesia 2018, Persib akan memboyong sebanyak 15 pemain ke Kota Cimahi.
PSKC Cimahi vs Persib Bandung Piala Indonesia 2018
Dijadwalkan berlangsung pukul 15.00 WIB di Stadion Wiradadaha, Kota Tasikmalaya pertandingan PSKC Cimahi vs Persib Bandung dalam babak 128 besar Piala Indonesia 2018.
Mario Gomez,Pelatih Persib menyebut akan menurunkan pemain yang selama ini jarang dimainkan secara reguler pada kompetisi Liga 1 2018 untuk partai babak pertama Piala Indonesia 2018 ini.
Airlangga mengaku senang dirinya akan diberi kesempatan bertanding di ajang Piala Indonesia.Ia tak merasa turun gengsi meski lawan yang dihadapi berasal dari Liga 3.
Di antara nama-nama pemain yang bakal tampil di Tasikmalaya ini terdapat sejumlah pemain senior, diantaranya I Made Wirawan, Atep, Eka Ramdani, dan Airlangga Sucipto.
"Semua pertandingan yang dijalani Persib penting bagi saya. Karena itu jika dimainkan, saya akan berusaha tampil maksimal melawan PSKC, " ujar bomber berusia 32 tahun ini kepada BolaSport.com.
Selama ini mereka lebih banyak duduk manis di bangku cadangan, bahkan terkadang adapula yang tidak masuk daftar susunan pemain.
Tanpa kehadiran Ezechiel N'Douasel dan Jonathan Bauman yang sedang berlibur, boleh jadi pemain yang akrab disapa Ronggo ini akan menjadi pilihan utama di sektor depan Maung Bandung.

Tuesday, September 19, 2017

Download Kumpulan Wayang Golek Mp3 Lengkap

Koleksi kumpulan wayang golek dengan dalang ki H Asep Sunanadar Sunarya Giri Harja III yang tersaji dengan format Mp3 yang bisa di download.Penyimpanan file koleksi wayang golek yang bsia didownload di MediaFire dan google drive.
Download Kumpulan Wayang Golek Mp3 Lengkap
Bagi yang suka dengerin wayang golek silahkan diunduh kumpulan wayang golek Mp3 dengan judul wayang golek dibawah ini :
Abi Manyu Gugur.Mp3
  1. Abi Manyu Gugur 1.Mp3 29Mb.download
  2. Abi Manyu Gugur 2.Mp3 29Mb.download
  3. Abi Manyu Gugur 3.Mp3 29Mb.download
  4. Abi Manyu Gugur 4.Mp3 28Mb.download
  5. Abi Manyu Gugur 5.Mp3 29Mb.download
Amar Sakti.Mp3 58Mb.download
Arjuna Putra (Wisang Geni).Mp3 99Mb.download
Arimbi Ngadeg Ratu.Mp3 59Mb.download
Astrajingga Gugat.Mp3 58Mb.download 
Astrajingga Tiwikrama.Mp3 60Mb.download
Aswani Kumba.Mp3
  1. Aswani Kumba 1.Mp3 14Mb.download
  2. Aswani Kumba 2.Mp3 14Mb.download
  3. Aswani Kumba 3.Mp3 14Mb.download
  4. Aswani Kumba.4.Mp3 14Mb.download
  5. Aswani Kumba.5.Mp3 14Mb.download
  6. Aswani Kumba.6.Mp3 13Mb.download
Bambang Kaca (Putra Gatot Kaca).Mp3 53Mb.download
Bambang Melasrana.Mp3 60Mb.download
Bambang Badra Erawan.Mp3
  1. Bambang Badra Erawan 1.Mp3 51Mb.download
  2. Bambang Badra Erawan 2.Mp3 52Mb.download
  3. Bambang Badra Erawan 3.Mp3 53Mb.download
Bambang Surya Ningrat.Mp3 98Mb.download
Bandung Bandawasa Nitis.Mp3 58Mb.download
Bambang Pawana Aji.Mp3
  1. Bambang Pawana Aji 1.Mp3 24Mb.download
  2. Bambang Pawana Aji 2.Mp3 25Mb.download
  3. Bambang Pawana Aji 3.Mp3 32Mb.download
  4. Bambang Pawana Aji 4.Mp3 58Mb.download
Bandung Naga Sewu
  1. Bandung Naga Sewu.Mp3 14Mb.download
  2. Bandung Naga Sewu.Mp3 14Mb.download
  3. Bandung Naga Sewu.Mp3 14Mb.download
  4. Bandung Naga Sewu.Mp3 14Mb.download
Batara Surya Pringga.Mp3
  1. Batara Surya Pringga 1 Mp3 29Mb.download
  2. Batara Surya Pringga 2 Mp3 28Mb.download
  3. Batara Surya Pringga 3 Mp3 29Mb.download
  4. Batara Surya Pringga 4 Mp3 28Mb.download
  5. Batara Surya Pringga 5 Mp3 27Mb.download
  6. Batara Surya Pringga 6 Mp3 27Mb.download
Bima Mungkus.Mp3 60Mb.download
Bima Murka.Mp3 89Mb.download
Budak Buncir.Mp3 49Mb.download
Bocah Ireng.Mp3
  1. Bocah Ireng 1.Mp3 26Mb.download
  2. Bocah Ireng 2.Mp3 26Mb.download
  3. Bocah Ireng 3.Mp3 26Mb.download
Cepot Kembar.Mp3 72Mb.download
Dawala Diistrenan.Mp3
  1. Dawala Diistrenan 1.Mp3 13Mb.download
  2. Dawala Diistrenan 2.Mp3 13Mb.download
  3. Dawala Diistrenan 3.Mp3 13Mb.download
  4. Dawala Diistrenan 4.Mp3 13Mb.download
  5. Dawala Diistrenan 5.Mp3 14Mb.download
  6. Dawala Diistrenan 6.Mp3 14Mb.download
Dawala Jadi Raja.Mp3
  1. Dawala Jadi Raja 1.Mp3 4Mb.download
  2. Dawala Jadi Raja 2.Mp3 4Mb.download
Dewa Debat.Mp3
  1. Dewa Debat 1 Mp3 27Mb.download
  2. Dewa Debat 2 Mp3 27Mb.download
  3. Dewa Debat 3 Mp3 27Mb.download
  4. Dewa Debat 4 Mp3 27Mb.download
  5. Dewa Debat 5.Mp3 27Mb.download
  6. Dewa Debat 6.Mp3 27Mb.download
Dawala Gugat Mp3
  1. Dawala Gugat 1.Mp3 50mb.download
  2. Dawala Gugat 2.Mp3 49mb.download
Dewi Nila Ningrum.Mp3 82Mb.download
Dewi Priasmara.Mp3 61Mb.download
Dewa Permana Sidik.Mp3
  1. Dewa Permana Sidik 1.Mp3 27Mb.download
  2. Dewa Permana Sidik 2.Mp3 27Mb.download
  3. Dewa Permana Sidik 3.Mp3 27Mb.download
  4. Dewa Permana Sidik 4.Mp3 27Mb.download
  5. Dewa Permana Sidik 5.Mp3 26Mb.download
  6. Dewa Permana Sidik 6.Mp3 27Mb.download
Dorna Gugur.Mp3 85Mb.download
Dorna Gering (Lanjutan Dewa Debat).Mp3
  1. Dorna Gering (Lanjutan Dewa Debat) 1.Mp3 27Mb.download
  2. Dorna Gering (Lanjutan Dewa Debat) 2.Mp3 28Mb.download
  3. Dorna Gering (Lanjutan Dewa Debat) 3.Mp3 23Mb.download
  4. Dorna Gering (Lanjutan Dewa Debat) 4.Mp3 23Mb.download
  5. Dorna Gering (Lanjutan Dewa Debat) 5.Mp3 28Mb.download
  6. Dorna Gering (Lanjutan Dewa Debat) 6.Mp3 27Mb.download
Gatot Kaca Krama.Mp3 63Mb.download
Gatot Kaca Mangkat Birahi Mp3
  1. Gatot Kaca Mangkat Birahi 1.Mp3 10Mb.download
  2. Gatot Kaca Mangkat Birahi 2.Mp3 09Mb.download
  3. Gatot Kaca Mangkat Birahi 3.Mp3 09Mb.download
  4. Gatot Kaca Mangkat Birahi 4.Mp3 09Mb.download
  5. Gatot Kaca Mangkat Birahi 5.Mp3 09Mb.download
Karna Diperdaya.Mp3 56Mb.download
Karna Lahir.Mp3
  1. Karna Lahir Bagian 1.Mp3 70Mb.download
  2. Karna Lahir.Bagian 2.Mp3 70Mb.download
Kalabaka Pejah.Mp3
  1. Kalabaka Pejah 1.Mp3 49Mb.download
  2. Kalabaka Pejah 2.Mp3 54Mb.download
Kumbakarna Gugur.Mp3 64Mb.download
Kitab Satra Jendra Rahayu Ningrat.Mp3 57Mb.download
Jabang Tutuka.Mp3
  1. Jabang Tutuka 1.Mp3 51Mb.download
  2. Jabang Tutuka 2.Mp3 50Mb.download
Jaka Gintiri (Semar Rarabi).Mp3 79Mb.download
Jara Sabda.Mp3
  1. Jara Sabda 1.Mp3 26Mb.download
  2. Jara Sabda 2.Mp3 26Mb.download
  3. Jara Sabda 3.Mp3 13Mb.download
Irawan Palastra.Mp3 59Mb.download
Narayana Ngalalana.Mp3 61Mb.download
Panca Suta.Mp3 70Mb.download
Pandawa Tuntas Nyamur.Mp3 58Mb.download
Prabu Gondayitma.Mp3 59Mb.download
Rama Bergawa Mukswa.Mp3 58Mb.download
Sanghyang Ajar Sakti.Mp3 62Mb.download
Sanghyang Danar Wilis.Mp3 58Mb.download
Sanghyang Dewa Brata.Mp3 59Mb.download
Sanghyang Tunggal Wibawa.Mp3 41Mb.download
Subali Pejah.Mp3 55Mb.download
Trijaya Sakti.Mp3 99Mb.download

Terimakasih LIKEnya sob.Wilujeung ngadangukeun...

Thursday, December 3, 2015

Dongeng Poker Part 2

Dilanjutkeun pa dadi .......
Di jaman harita loba jalma bodo katotoloyo,loba jalma pinter kabalinger,kitu kaayaanna. Kacaritakeun di leumbur Dugul tea ,kacaritakeun aya jelema ngarana ki Asnaif.ari kaayaana eta ki asnaif istuning taya ka boga ,teu boga imah anu layak huni, teu boga beas teu boga samak,pokona jalma sangsara teu boga mobil mobil acan.
Dongeng Poker Part 2
Ki asnaif jalma sangsara,hirupna ngagugulung ripuh.ari gawe dagang bajigur,ari ngimpi kasingapur,dahar isuk heunteu sore,dahar sore hanteu isuk.tah dina kaayaan kitu,lol aya nu ngabejaan "cenah mun hayaang beunghar mah kudu daek datang ka mbah,mena trik supaya maen meunang poker ,sok bari nyembah ka eta mbah "atuh caritana eta ki asnaif teh ka bita,di pikir pikir dirasa rasa di impi impi ngeunahnna,tungtung namah te asa asa eta tanggungan bajigur di jual,duitna rek di pake ongkos datang ka eta mbah,arek tatapa arek tatanya ,,kumaha trikna eta meunang maen poker teh,,
Ari eta mbah ngarana mbah gondrong nu ngageugeuh gunung meong. Maklum rek ngadep ka mbah eta ki Asnaif teu gagabah,memeh indit ki Asnaif kudu mandi di pancuran sumur tujuh,kadalapan sumur saat kasalapan sumur bor...(Tobat nepo kakitu ki asnaif)

beres mandi gancang dangdan bebeakan bisi teu ka anggo ku Mbah gondrong anu ngageugeuh gunung meong tea.make ikeut di bagutet make totopong gulat jalitrong,kampretna gombrang kahandap,kaputan rada pasengsol ngahaja cenah nutupan dosol. Beres dangdan dangdak dengdek bisi aya baju nu soek,teu poho ngajanteung hela,ngalengkah salengkah,kadua lengkah ngaraneg.peureum bari kunyam kunyeum mapatkeun jampe asmaran,asihan si guyur siwur paranti dagang bajigur.asihan si herang dangdan sima aing sima man,masing pangling anu eling masing deungdeuleueun anu neule,asihan si jampe dangdan pamere urang karawang,boa boa aning ceuk ki Asnaif " dangdana eta nepi ka bebeakan baju di bajuan deui,calana di calanaan deui,sirah di sirahan deui..eh salah..sirahna di kopeah nake ikeut .kitu kaayaan nana.
Beres mapatkeun asihan atuh kolear ki asnaif indit ka pasar,seja rek balanja hela jang nyumponan pakeun sarat tatapa.kempang telon 7 rupa,menyan genul 7 guruntul.teu poho kasedep Mbah wajit muding sageude imah.keremes kesemek,keremes paku,di tambah manisan kaleci.Ki asnaif rek ka pasar leumpang ganjang gagancangan leumpang rurusuhan leumapngna mapay satapak mengkol ka tangkal jengkol mipir mipir ka gawir jog anjog ka parapatan..bras anjog ka pasar.

Cariosna...barang ki Asnaif datang ka pasar,nu daragang ngadadak ear,tukang kurupuk pahibut,tukang surabi ngajerit,tukang tahu kukulutus,tukang omcom ngadon olohok,tukang jajamu tagiwur kabur.
Ribut gujrut jalma sapasar,kolot budak kabeh sarurak,Anu geulis cing jarerit,randa leunyang cing koceak nini nini rawah riwih,di tilik ti kajauhan siga kantong kana wesi, Ki asnaif ngajentul teu puguh..heran ku polah jelema,ceuk na jero hatena "aeh aeh boa jelema owah kabeh,aing datang pada bubar kataweuran,palangsiang aing teh di sangka jadi raja ,pedah dangdan satakerna," ki asnaif ulak ilik,cupu capa,rugup ragap..bisi aya dangdanan salah nerapkeun,bisi aya baju anu teu payus,rap kana ikeut =pageuh keneh mengkeut sirah.ret kana kampret=da baleg euweuh nu soek.ngareret ka gigir,ngareret kahanap....barang ret ka hanap..amuing amuing rajana amuing,paingan paingan teing.paingan jalma sarurak,paingan jalma barirat singhoreng simanahoreng limpeuran kabina bina ret ka hanap teu dicalana.. Waduh ,,kacipta,Atuh ki asnaif Wirang,beunget beureum ngemang wera,keueung pacampur jeung era.Eta lengeun duanana di kahandapkeun di pake nyumputkeun suadma...............(bersambung ke dongeng poker part 3).

Dongeng Poker Part 4

Dongeng Poker Part 4.....di lajengkeun...
Jol poe ka 2,,dina poe ka 2 jol aya buta ngajak dahar jalabria,leungit buta datang satria sura seuri melak cangkeng bari mamawa kolek cangkaleng...leungit buta jeng satria jol deui widadari datang jeung bari umat imut langsung lelenehan ngalenotan ki Asnaif bari hahariringan.

kieu hariringna widadari " aya listrik di ci amis,make senal sisirangan,aya istri mani geulis hanyakal euweuh sirahan,gunung guntur gunung bakutak,gunung salak sisi kotak ining gunul bapana botak,anakna pitak sabeulah "selengseng tina awak eta widadari teh wangi bawang meunang manggang..tapi caritana ki Asnaif teu galideur tetep sidakep bari peureum...gerentesna"moal aing moal kabita ku putri jeung widadari"

tetep eta ki Asnaif sila sidakep di hareupeun sirah peda.

Jol deui gogoda,jol deui datang gogoda,ayeunamah nu datang randa montok,cenah mah datangna teh rek ngajual entog jang nambahan duitna meuli sedan...

ka kocap keun ki Asnaip teu ka goda dina peuting nu ka 1,nu ka 2 nuka 3 nu ka 4,oge teu kagoda dina peting nu ka 5 jeng ka 6.....tah dina poe nu ka 7 dina poeh sepi jempling teu kadenge sora bom bom acan,seleber bau menyan nebak irung pacampur jeung bau tumila,ki Asnaif ngarenghap bari ngarenyag sabab teu nyaho timana jolna di hareupeuna jig aya Aki aki bengeut ceulong pipi kemong,huisna geus ngeplak bodas ngarumbay ngaliwat taktak,bari ngomong eta aki aki bari ngagerung siga sora maung."hey Asnaif hey Asnaif" kitu terus bahasana.......
(bersambung ka part salajeungna)

Tuesday, December 1, 2015

Songkok Lukis

Dengan sentuhan karya seni yang penuh kreatifitas,menyulap dari hal yang biasa menjadi luar biasa.Kami anak bangsa pelukis peci songkok asli dari kota bandung.
Songkok Lukis
Kami team membuka dan menerima pesan gambar desigen peci songkok berbagai motif.kami saat ini hanya menerima pesanan gambar saja,
INFO lengkap hub :
Den peci no hp 082119325921
Yang hal sederhana ini kami buat dengan sebaik mungkin dan semampunya berusaha untuk membuat hasil karya yang jauh lebih baik dari sebelumnya.kami ingin yang berpesan atau berlangganan dengan hasil karya kami tidak membuat kecewa,kami berusaha siapapun yang berpesan atau berlangganan desigen peci songkok kami akan buat sebaik baiknya.

Friday, October 16, 2015

Sms Lucu Hereuy Srang Sunda

Sms lucu hareruy urang sunda,tambah lumayan ubar ngalamun daripada stres loba mikir,komo mikiran hutang mah ka begang begang awak da ari rasa mah eta hutang ulah di pikiran.Naon hutang make kudu dipikiran ???sanes kitu kang dadi..!!!
Sms Lucu Hereuy Srang Sunda
Jeung eta nu ngahutangkeun teu boga rasa pisan,jaba nganjukeun jaba nagih teu gableg ka era.asa teu kudu nya kang dadi..!!.tapi tetep atuh hutang mah kudu tetep di bayar.namina ge hutang,,tapi rek mayar deui timana,rek neangan weuh nu miceun duit,atuh kedah usaha mereunnya baraya,,eeehh na jig ngobrolkeun hutang.
Hayu ah baraya urang suka bungah we ayeuna mah,cokot tah handphone sok smsan..
Sms Lucu Hereuy Srang Sunda
  • Sasak LEUWIGAJAH runtuh,,asalamualaikum..jang lain sare wae,lalajo TV teu?tah na indosiar sasak leuwigajah runtuh 20 meter,mobil 50 rusak,67 motor ancur ragrag,9 urang jelema maot,18 urang parah di bawa ka Rs Dustira,nu keur cicing na kolong jambatan mah komo ancur pisan jang,23 orang kabobodo katipu ka asup kuring ieu..sebarkeun ieu sms,meh nu katipu nambahan Loba.
  • Pa Darta tukang beca,boga duit meuli kadongdong,orang kaya buang pulsa,wahai yang susah di balas dong.
  • Punten yeuh lain ambek,tapi kunaon di telepon teu di angkat,di sms teu ngabalas.da lamun teu penting mah moal nelpon jeng sms,kumaha hade na we atuh jeung saha deui silih tulungan teh ari lain jeng babaturan mah.maksudna mah ieu urang teh isukan rek menta bantuan pang ngaiskeun sapi urang bawa ka rumah sakit geus 3 poe hare'eng nya ?...
  • Mun beas hideung ngarana ketan,Mun kalapa di parud eta santan,mun lalaki jagoan eta jantan,mun urut kabogoh eta mantan,mun nu maca sms ieu bengetna siga Seeeetan.....
  • Duh jang ieu abah meni kieu,gering nangtung ngalanglayung,pamikiran berat siga nu mangul karung,udud ge puntung menang mulung maklum keur linglung,dahar ge namulan kangkung jeung surawung,....saking ku bingung halis kerang kerung bari hitut di harudung sarung..duh gustiiii moal kitu mah maneh jalma nu burung nu kieu wae di baca.
  • Bagai pinang di belah dua,tarang lenang kelek oge sarua
  • Asalamualaikum wr wb...Inalilahi wainna ilahihi rooziun...parantos mulih ka bumi mulang ka dapur,pun HAYAM parantos di peuncit tadi jam 4 subuh,Insya Alloh..bade di kurebkeun na patuangan ba'da lohor,Mugi mugi almarhum hayam di tampi di sisi piring..pidu'ana nu kasuhun simkuring aya dina katabaha oge teu kamerkaan dina nuangna..Amin .....waalaikum salam...
  • Geuleh uing mah mun meli pulsa voucher teh unggal di gosok tulisana kieu wae "DEK NAON SIA MEULI PULSA BOGA KABOGOH GE HANTEU"
  • Berita duka,,parantos mulih kajati mulang ka asal,di punut kunu Rahayu dicanak kunu Kawasa wargi urang sadayana tadi enjing di RS,duka tabuh sabara,duka awewe duka lalaki,duka bener duka heureuy,pokonamah duka teh teung da namina oge berita duka.duka tisaha berita duka ieu oge.,tah nu maca ieu oge mun sura seuri sorangan duka cageur duka gering.
  • Seuri bari hate nalangsa cirina jalma anu hebat tur osok busiat katambah loba jarawat
Sakitu heula we baraya,mudah mudahan aya manfaatna sanajan ku heruy sugan we matak nyenangkeun ngagumbirakeun hate nu sumberawut. ,ieu mah tambah tambah cicing teuing daripada nguluwut,komo biwir meni samutut mah persis we siga hu'ut..keur mah meni bau hitut..teuing saha ieu teh..tos we nya gejlig tewewe..

Friday, September 25, 2015

Contoh Pidato Serah Terima Pengantin Bahasa Sunda

Contoh Pidato Serah Terima Pengantin
بسم الله الر حمن الر حيم
السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
Sateuacanna simkuring neda widi,boh bilih dina cumarios ieu matak te mernah,muga ulah janten ngait kana pikir,rengat kana manah.Tunggul sirungan tangkal akaran muga bamblas ku hampura.
Dikawitan ku ngucap bismilahirohmanirohim,nu jadi tuturus laku pikeun meunang sampurnaning rahayu,di wuwuh ku alhamdulilah,panyanglar ria pangusir  ujub takabur nu gumulung dina kolbu.Nu anteb tumetep dina ati sanubari iwal bersihna ati anu ngadongkapkeun Al-quran sareng sunah Rosulullah saw.
Najan loba lorongan jeung irongan nu ngagoda ti sisi ti gigir,moal rek wangkelang rek kukuh,keukeuh rek anteng manteng moal lunca linci udar tina tali gadang ku kersaning makna arti ngucapkeun kalimah syahadat,
 اشهد ان لااله الا الله واشهدان محمدارسول الله  nu jadi kadeudeuh kameumeut anu paheut ka junjunan alam kakasih Allah,panglimana peurang yakni habibina wasafiina Muhammad saw nu jadi tutulus sumujud ka dzat gusti Allah swt.
Para hadirin nu ku simkuring di pihormat.
Gening hirup ka tungkul ku pati,maot teu nyaho di mangsa,lampah anu teu miyuni atuh kudu ati-ati dina langkah jeung basa kudu sing gumanti.ulah tuna kendat kapiceun najan sasieur lakuna anu tos kaceluk ka awun-amun,ka kocap ka jananrkia.nu tos sabiwir hiji,nu seungit ka saban nagri Muhammad Rosullulah saw.
Para hadirin nu ku sumkuring di pihormat,
 Utamina ka kulawargi bakal calon panganten,sim abdi nyanak asmana kulawargi panganten pameugeut,sateacan cumarita wakca balaka,sakali deui nyuhunkeun di hapunten boh bilih dongkapna ka ieu tempat kirang titi.kirang tata pamugi ageung nga maklum.rumaos sim abdi sareng para rombongan sumping ka ieu tempat ngaganggu katentreman pribumi,aya kecap di sebut semah.
Salajeungna sim abdi mung mangrupikeun panyambung basa,lambey sambung lemek,kenging kapercanten ku pangersana bp...(calon panganten pameugeut)........kanggo ngdugikeun pamaksadan ka pangersana bp..(calon panganten istri).........
Para hadirin nu ku simkuring di pihormat,
Sim abi miwah para rombongan ieu ,jauh di jugjug anggang di teang,lincing gumalincing te ngajingjing jingjing acan komo kana mundak jeung manggul mah,atuh te aya nu di sanggakeun ka pangersana bp.(calon panganten istri).....mung hiji nu tiasa kasanggakeun nyaeta seja silaturahmi, ka sadayana para wargi tatanggi ,masyarakat  didieu atuh utamina ka pangersana bp....(ka bp calon panganten istri)
Dupi maksan kaduana bande ngunikakeun yen di rombongan ieu teh gaduh anak tawon nu keur mangsa remaja,mapay-mapay laratan qadar pangeran,sumiliwir ninyih taqdir ti ajali,kumawantun lolongok ka ieu patamanan pangersana bp (calin panganten istri)rupina bae paraneg amprok sareng hiji sekar nu tos mateng nyeuseup.Atuh waktos wangsul teh si anak tawon katingal giling gasahan lir kapentang mamarasna rasa.nya di ilik ilik di papay laratan,na numana sekar nu jadi inceran si anak tawon,nu jadi ngalanglayungna si anak tawon.mana horeng tea mah cilaka ku pamolah sorangan kumawantun lungak longok ka ieu patamanan nu kagungan bapa di dieu.paraneg amprok sareng hiji campaka nu endahna kabina bina,sumawur wangina seungit ngdalingding,kantenan atuh matak ngajadikeun guling gasahan si anak tawon kana campaka hoyong nyeuseup,namun teu wantun sok sanaos aya bahasa batu turun keusik naek,itu purun ieu daek,atuh ieu mah wayang wayangan we,wayangna wayang arjuna,itu hayang ieu hayang nya bae di penta we ka bapa.
Atuh urang ebrehkein wae ieu nu di sebut anak tawon teh nyaeta pun anak anu wastana ......... sareng deui nu di sebat cempaka teh nyaeta putri bapa ....... nu wastana .......
Atuh salajeungna pamugi pangersa bapa kalih ibu kersawidi ka sim abdi,kanggo di anggo aleuman sungkeum,pupunden rasa buah ati tempat kasucian,ati tempat sasampayan,di ajak ngojay ngambah sagara kahirupan rumah tangga.pamugi aya dina ka asih gusti nu maha suci,amin ya alloh ya robal alamin kitu gerentesna pun anak teh.
Dina waktos ayeuna kagok asong kapalang rongkong,patandang nu bakal midang,balabat mangsana miang cunduk waktu nu rahayu ,niti  wanci nu mustari ,ninggang mangsa nu utama,malati linggarna ati,kembang tanjung nu gumulung,pakait patali asiah antara jang .... sareng nyai .....ageung hareupan hoyong ngajadi silih asih saati paheutna janji nu teu pukah deui.namung sateu acana mangga nyanggakeun sadaya daya kalawan nyucap bismilahirohmanirohim.mannga nyanggakeun ti luhur sausap rambut,ti handap sausap dampal,getihna satetes,napasna sadada,kabodoan sareng kataligeuhan sumangga seja nyanggakeun.namun punten rupina pun anak angkat ka ieu tempat teh estu leres pisan kupat kapit teu jangjang jingjing teh muhun ieu mah,
mung nyandak sahiji barang saur pun anak mah nu kasebat kana paripaos koneng sasolor muncang sadampa sumangga geura pelakeun dina hunyur anu subur .
Para hadirin anu ku simkuring di pihormat,
Boh bilih aya jangjang jingjing anu ka canak ieu mah etang etang tawis ka dedeuh ti pun anak pamugi di tampi lumayan sabrang salayan leubet kasae mah heunte,
ahirna Seja sanuk sanuk papalaku boh bilh tea mah dina sumanggeum aya nau magol kana hate,ngagaris kana panggalih,pamugi luhur mawur bahe carek.bilih aya kecap anu teu ka ukur,utamina ka bapa kalih ibu di dieu,pamugi agung cukup lumur bamblas ku hampura.pamungkas mangga nyangakeun...
Wasalam

Thursday, September 10, 2015

Batok Kalapa Penghisap Duit

Di jaman ayeuna nu pajeujeut ku deungdeuleuan,harengheng ku dedengean,kaayaan masyarakat nu teu walatra,pangangguran di mana-mana akibat lowongan gawe nu kudu make koneksi wae.
Iburna jalma pontang panting neangan jang nyukupan kabutuhan hirupna,ku ukuran di jaman ayeuna lumayan teu gampang ,sangampang malikeun dampal leungeun,,,,
Batok Kalapa Penghisap Duit
Yeuh baraya aya jalan kaluarna.datangna ti mbah nu nyicingan goa meong..kieu saurna "batok kalapa batok kalapa"kitu saurna..pek we eta pikiran kudu di kumahakeun ??.di saliksik katerangan si mbah nu ngageugeuh guha meong tea pek teh wakca,,kieu dawuhan si mbah :
Pek ala eta kalap,di inum caina ubar hanaang,dahar kalapana lumayan ubar lapar patuangan,tah eta kalapa di beresihan,cokot batokna..omat tapasna tong di piceun,margi mubadir pami di piceun mah,kan mubadir teu kenging ku agama,saurna jadi baraya syetan pami ngamubadirkeun,tapi eta tapasna di anggo suluh di dapur kanggo ngahurungkeun hawu,.terus geus bolenang lenamh tina tapas jeng kalapa terus diragaji jadi dua bagian,atuh di beresihan batokna di serut serut make raut,di ulas ulas pake hamperas.sing beresih pokonamah sing luis lucir luis siga medan kamajaya.
Sanggeus eta batok kalapa luis lucir gumilincir,terus dikumahakeun mbah ??

si Mbah ngadawuh deui, "??bari biwirna si mbah kunyam kunyem gegereyeman teuing naon anu di gayeum,pok  si mbah ngomong,"omat anaking eta batok kalapa nu geus luis lucir tong di pake ngagebug orok nu karek lahir,bisi di giriwil kunu berwajib.Mun eta batok kalapa teu bisa ngisep duit,tah takol babatok mbah,,kitu si mbah bari sumpah.
Eta batok kalapa bawa ka tempat tempat anu rame anu loba ulubiungna jala rea,saperi alun-alun,pasar,supermarket, terminal jeng sajabaning eta,pokonamah tempat rame ku jala rea,,,cek si mbah bari siga nu kaleked.
Tah eta batok kalapa teh tangkarakeun bari jeung maneh kudu diuk,tong bari lulumpatan.pek diuk sing mernah di tempat nu di sebut tadi tea,,,atuh cing alalung duit lambar jeng duit recek asup kana eta batok..nya kitu kasep....!!!!!! eta batok kalapa teh siga jadi magnet ,bisa nyedot duit lambar jeng resehan..
sakitu we anaking papados ti mbah.
Ayeuna kumaha baraya???pek eta gugu papadah si mbah,mun baraya kataji mah,,
sakitu wae carita urang sunda ti simkuring,ieu mah tamuh lumaku teuing,da ieu mah carita heurey,carita kanu balingleung nu ngahuleng jentul wae,ngan ngalamun jeng ngalamun wae kedul embung usaha.angan angan we panjang jadi tulul amal.siga melak lamun di kebon sugan di ceborna ku mudah-mudahan atuh jadi nateh teuing,,sakitu gejlig tewewe.

Thursday, September 3, 2015

Dongeng Poker Part 3

Dongeng poker.
Harita teh nepi ka ki Asnaif ka pasar te make calana ( dina dongeng poker bagian part 2 )mangga di lanjutkeun............
Sanggeus kitu atuh jalma sapasar barirat kabeh melong ki asnaif teu make calana.""atuh ki asnaif wirang bari murilit awakna malik,keleweng miceun gamparan,ancang ancang bujur dengklang,berebet ki asnaif lumpat.lumpatna sakalumpat lampet mampret lir kuda di cepret,tiris tiris teu dirasa di udag udak ku era.
Dongeng Poker Part 3
Ari lumpatna ki Asnaif ngabecir rajaning tarik,tarikna alabatan mimis bedil.catang di dupak tunggul di rempak ku lumpatna ki Asnaif.nggeus ngarasa capa ki Asnaif eureun heula tina lumpatna malah di selang ku pasea,teu pupuguh ngadon ribut,ngadon gelut jeung tukang hu'ut.maklum ker cape meruen..pedah tukang hu'ut di awuran hu'ut..aduh pikir we atuh ka dadi.akibat era jadi murang maring jaba cape ku lumpat anu sakalumpat lampet.
kacaritakeun lumpatna kia Asnaif jauh moal burung cunuk,anggang moal burung datang,rongheap datang nepi ka imah gesat gesut di calana berebet deui lumpat deui,berebet balik deui.Lumpat heunte sumpang simpang da sieun tapa kabeurangan nu di tuju mbah tea,da sieun mbah kaburu euweuh da maklum mbah mah riweuh.
Riweuh atuh mang dadi jadi mbah penting mah,sok loba tamu nu datang..tong lalawora.mang dadi.
Atuh kacaritakan ki Asnaif gesu tepi ka gunung meong tea tempat mbah nu ngageugeuh gua meong,nu jadi panonoban mbah gondrong.Ari pernahna sisi leuweung luwang liwung,leuweung ganggung sima gonggong sayangna oray jeung meong,Di hanapeun tangkal takokak ki Asnaif sila anekak kan rek menta pituduh supaya maen poker menang wae,najan hararese tetep di pigawe.Ari silana ki Asnaip nyinghareupan buntut peda jeung timel sageude angel,ngahaja cenah ngahaja meh teu hese ngkena lamun batal tina tapa eta timel tingal ngahuapkeun,
Lajeungkeun dongeng poker ka part  4

Monday, August 31, 2015

Dongeng Poker Part 1

Dongeng jaman baheula ngenaan poker
Sateuacana simpkuring neda widi,bisi caritra ieu te mernah ulah janten ngait kana pikir,janten rengat kana manah.Tungul sirungan tangkal akaran muga bambas ku hampra.
Amitan oge kanu tos mangkat,nu tos rumentang di alam panjang,poe padang nagara tunjung sampurna.
Dongeng Poker Part 1
Paralun mun mapadane,ngusik ngusik nu keur calik,ngobah-ngobah nu keur tapa.bisi aya nu kasebit nami ,bisi aya nu kasebat jenengan.Kasebit nami keur alit,kasebat jenengan keur budak.Neda agung nya paralun muga jembar hampurana.Lain diri kumawani tewani bisi kabagi,lain diri kumawantun tewantun bisi kasiku palias teu niat nyacampak.
Amit amit neda widi;kanu ti kaler kanu ti kidul anu ti kulon oge ti wetan,kanu ti luhur kanu ti hanap,kanu titengah kaopat jadi papancer .
Amit amit ka indung anu ngandung ka bapa anu ngayuga,amitan kula seja amitan.
Amit amit muga di raksa oge di aping di jaring,anu sirik anu dengki anu jail kaniyaya..pangnyingkahkeun,,pangusirkeun.
amit amit lain wungkul kanu ta aya oge amit kanu masih keneh araya ....
Ayeuna urang nyaritakeun,,,,,,
Dihiji lembur nu katelah lembur Dugul bawahan desa Cicenah,katotog bojong pasengsol.Rakyat sadesa caritana keur ear,pangeusi lembur keur guyur.Di ditu di dieu gujrud macuh pageubug poker.
Rame..rame ku poker .riweuh ku poker,,masalah bijil ti kota bijil ti yahudi sumberna, nepi ka kampung,loba jalma anu popohoan,loba jalma nu ngadadak teu puguh..poker poker poker,
Karyawan cul kana pagawean,supir angkot cul poho kana tarikeun jeung kana setoran,anu dagang pake roda,cul kana dagangana.nu di gawe jadi kaleked kabaut ribut ku poker.
oyag kabeh kolot budak,cacah jeung menak ..kabeh malikiran supaya meungang poker kumaha ?
Kitu nu usum di leumbur,kaayaan di padesaan.Tapi lain jaman ayeuna,ieu mah jaman baheula...
Ari nu matak gujrud kana poker da bongan aya sababna,cenah mah wangsit ti dewa...sing saha saha nu maen poker bakal gancang beungharna da neangan jeng ngala duitna gampang,bakal jadi benghar ngadadak,beungharna garis sawidak.,,cenah ieu mah mun boga duit saperak bakal jadi MM perak,,kitu saterusna,asal keuna kana elmuna anu sok di iklankeun ku mbah dewa nyaeta gampang pisan ngagandakeun duit ku referal cenah..nepi kadituna jalam loba ngalamun.
ari ngaran ngalamun mah kumaha atuh mang dadi.